Senin, 06 Desember 2010

"KUJANG" GUNA DAN FILOSOFI

Spoiler for Kujang:


Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Jawa Kulon. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram.
Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkaeun kaseukeutan sarta daya kritis dina kahirupan ogé perlambang kakuatan sarta wawanén pikeun nangtayungan hak sarta ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu ngan dipaké ku golongan tinangtu nyaéta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, para putri sarta golongan kaum wanoja pinilih, sarta para kokolot.
Dina Wacana sarta Khasanah Kabudayaan Nusantara, Kujang diaku minangka pakarang tradisional masarakat Jawa Barat (Sunda) sarta Kujang dipikawanoh minangka pakarang anu ngabogaan nilei sakral sarta miboga kakuatan magis atawa kakuatan ghoib.

Sabagian nu naliti nyébutkeun yén istilah Kujang asalna ti kecap Kudihyang jeung akar kecap Kudi sarta Hyang.
Kujang (ogé) asalna ti kecap Ku Ujang, anu hartosna lalaki nu geus sawawa tur di percaya kunu di pikolot keur nyekel hiji perkara (jadi paminpin).

Spoiler for Waruga Kujang:

Ampir sawaréhna ti masyarakat Jawa Barat apal kana kujang. Tapi, teu loba ti maranéhanana anu nyaho leuwih jero latar sajarah atawa simbol – simbol hartian dina éta kujang (kalebet simkuring pangintén). Kujang ngan nu di pikanyaho teh ngan saukur sawatés sajenis pakarang has Sunda jéng wangun anu ngabogaan tungtung nu seukeut/ runcing. Saleuwihna meureun, Kujang ngan dipikanyaho minangka lambang pamaréntah Propinsi Jawa barat wungkul atawa sanjata khas Sunda.

Transformasi hiji wanda kujang tina ngaran anu dipakena. Geus jadi sabiwir hiji yen kujang teh kaasup pakarang tradisional bangsa Sunda, hal ieu katangen dina sababaraha ngaran anu jadi cirina saperti ngaran pabrik Semen Kujang, pabrik gemuk Kujang, ngaran hiji batalyon tentara ti Divisi Siliwangi. Kitu deui kujang dijadikeun lambang Propinsi Jawa Barat. Atuh teu kaliwat aya ngaran-ngaran patempatan anu make sesebutan kujang saperti Parungkujang, Cikujang, Kujangsari jeung Parakankujang. Hal ieu leuwih mere kapastian yen kujang teh enya pakarangna bangsa Sunda.

Anapon rupa-rupa kujang nu di guar ku par ahli nyaéta

  • Kujang Ciung
  • Kujang Jago
  • Kujang Kuntul
  • Kujang Naga
  • Kujang Wayang
  • Kujang Bangkong

Kujang Ciung
Kujang Ciung kaasup wanda pakarang anu dasarna tina wujud arit (sickle) hal ieu digambarkeun dina pola dasar dua arit (sickle) nu patukangtonggong.
Kujang Ciung, tangtuna saluyu jeung ngaran nyaeta kujang anu meh sarimbag jeung wangun manuk ciung, sedengkeun ma’na simbolisna yen ciung teh kaasup mahluk kahyangan nu boga sifat cerdas jeung gagah salian ti eta sesebutan ciung kawentar dina carita Ciung Wanara. Kujang Ciung dipake ku para raja, tohaan atawa putra mahkota jeung ku para brahmesta.

Spoiler for Sket Kujang Ciung:

Spoiler for Kujang Ciung:

Kujang Jago
Kujang jago pola dasarna tina arit jeung beulah kupat atawa langlayangan. Antara kujang ciung jeung kujang jago teu loba bedana, keur pangbeda nyaeta dina congo anu beda nyanghareup atawa beda ngelukna. Kujang jago nyokot tina wangun hayam jago, hal ieu ge aya pakaitna jeung carita Ciung Wanara anu nyaritakeun ngadu hayam jago. Kujang jago ngalambangkeun kawani malah disebut simbol balapati (pasukan inti karajaan), dipakena ku lulugu perang. Wangunna kaitung leutik asup kana banda pusaka atawa jimat.

Spoiler for Kujang Jago:

Spoiler for Sket Kujang Jago:

Kujang Kuntul
Kujang kuntul pola dasarna tina tina sababaraha jajaran genjang nu disambungkeun sedengkeun kujang bangkong tina jajaran genjang tunggal nu leuwih gede.

Spoiler for Sket Kujang Kuntul:

Spoiler for Kujang Kuntul:


Kujang Naga
Nu rada unik nyaeta kujang naga sabab ieu mah gabungan tina wangun jurutilu (segitiga) nu patukangtonggong. Nu kawilang aheng nyaeta kujang naga, geus mindeng kareungeu yen naga teh mahluk kahyangan ayana ngan ukur dina mitologi. Kujang naga leuwih gede jeung lamun ditingali matak pikapaureun sabab ruruhitna atawa siih leuwih kaciri. Kujang ieu simbol tina kagagahan, dipake ku para jaro jeung para kanduru.

Spoiler for Sket Kujang Naga:

Spoiler for Kujang Naga:



Kujang Wayang
Kujang wayang pola dasarna leuwih nyoko kana wangun buleud. Kujang Wayang, leuwih loba kapanggih dina wangun wayang awewena, hal ieu simbol kasuburan, tur kujang nu kaasup kujang pangarak. Wayang nu jadikeun dasarna wangun kujang leuwih nyoko kana wayang kulit.

Spoiler for Kujang Wayang:

Spoiler for Sket Kujang Wayang:


Kujang Bangkong
Kujang bangkong, dicokotna tina wangun bangkong, kujang ieu leuwih nyoko kana kagunaan praktis, pikeun dipake sapopoe jeung ayana di rahayat biasa lain menak atawa ningrat katurunan raja.

Spoiler for Kujang Bangkong:

Ma’na simbolis nu aya dina artefak budaya, sok sanajan ngaliwatan interpretasi nu kalan-kalan karasa subyektif, hal ieu perlu diguar tujuanana pikeun ngabeungharan batin tur ngabeungharan idea urang Sunda. Gempuran budaya global nu sok ditafsirkeun saliwatan dina wangun lifestyle, moncorongna ngan saukur cangkang jeung karasana leuwih nyindekel kana hal komersialisasi nu tungtungna hirup lir diwewelan ku anu konsumtif. Guaran ma’na simbolis mere cecekelan kana acining eusi batin urang Sunda anu satuluyna bakal ngajaulkeun sikep kosmopolit, sikep nu teu mopohokeun sarakan. Tangtuna dina ngama’naan artefak budaya lain pagawean enteng, lain pagawean memeh mumuluk tapi pagawean badag kudu nalungtik kalawan gemet ngaliwatan peso bedah analisis nu diaku sacara tradisional tur diaku sacara akademis.

dari:http://galuhrahayujogja.wordpress.com/2010/12/05/kujang-guna-dan-filosofi/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar