Kamis, 16 Desember 2010

Hajat Riweuh

Hasil Mikir : Ki Buyung
Budiasih

Juragan
Ibuna, geuwat atuh dangdana, titadi di tingali-tingali teh ngusey we di kamar, naon bae nu di pasangkeunnana cenah.

Juragan Istri
Ke atuh Bapana salse we, panan kudu tampil beda, komo kangaranan arek nyanghareupan pesta mah era atuh ku batur lamun katempo kucel teh.

Juragan
Lah, angger we sing dangdan meunang dua poe oge ibu mah katempona teh rudin euweuh bedana. Make tiung siga orok keur dibedong, Make street persis siga leupeut. Sakapeung mah ibu the sok siga panggal.

Juragan Istri
Ih, Model Bapa mah sok ngaleuleungit, nu matak si Misno ngudag ngudag oge eta teh ciri ning Ibu geulis. Komo kapan ojeg di pasar mah nepika nuyun-nuyun,neng deui-neng deui.

Juragan
Atuh nya pantes we ari ojeg di pasar mah da lain ku bogoh bogoh teuing ka ibu,ngan butuh muatan,da mun ngarah teu butuh mah horeameun narik ibu teh, jaba era mawana jaba murah ongkosna.

Juragan Istri
Ceuk saha eta teh ceuk saha? Yeh kupingkeun, batur mah tisindangkasih kadieu the ngan ukur mere lima rebu malahan kadang kadang kurang, Ibu mah kamari teu nyaah mere dua puluh rebu.

Juragan
Enya ngan Ibu mah babawaannana sok tara galib jeung batur.

Juragan Istri
Ah. henteu kamari mah komo ngan sarupa roda Mie ayam wungkul keur ka Neglakeun.

Juragan
Tuh..! panan teu jauh tina panyangka. Yeuh ari ka ojeg the ulah sok kitu-kitu teuing Ibuna, conto Bapa….iraha Bapa mayar murah ojeg ? nu aya mah sok di leuwihan.

Juragan Istri
Lah puguh Bapa ge sami, Ibu ge sok nguping ti tukang ojeg, pajar teh bapa mah pami mayar teh sok kirang bae, tetebineun kanggo ngalangkunggan.

Juragan
Aeh…na ku Ibu kamari teu katingali basa Bapa lungsur tina ojeg ?

Juragan Istri
Oh..muhun ketangnya…pan Bapa teh masihkeun artosna teh dua puluh rebu nya…?!

Juragan
Tuh… Pan Bukti lain ?

Juragan Istri
Muhun….tapi geuning katawisna ojegna teh sapertos kukulutus, naha naek ti mana kitu dua puluh rebu teh ?

Juragan
Ti Bandung di rempet jeung si Naip

Juragan Istri
Beu ! atuh sanes di langkungan Pa…ari duapuluh rebu ti Bandung mah, malahan kirangna ge ageung keneh pisan…

Juragan
Sigana mah kitu matak ojegna ambek oge,
Geus ah, na bet nadaon ngobrolkeun ojeg ieu teh. Ari si nyaina geus di dangdanan?

Juragan Istri
Atos Bapa, Pokona Bapa mah sing jongjon we malahan Si Nyai mah di dangdanana oge di Salon.

Juragan
Baruk Mang Elon, Elon mana, jeung na ti iraha mang Elon sok ngarias panganten?

Juragan Istri
Euh, lain di mang Elon tapi ieu mah di salon di salon di salon toko paranti ngahias panganten geuning,ih aya ku teu gaul pisan.

Juragan
Ngarias panganten di salon….???. Jadi salon teh bisa di pake ngarias paganten nya, atuh padahal mah di bumi we atuh…pan urang ge gaduh ari salon mah, bisa sakalian jeung ibuna

Juragan Istri
Ari Bapa…ti iraha Bapa ngagaduhan salon ?

Juragan
Kapan Itu sadua dua, pan ibu ge sok ngango, geuning ari hahaleuangan jeung si Nyai nganggo picidi meni sok patarik tarik

Juragan Isrti
Beu ! anu di maksad the sanes salon nu eta bapa,ieu mah salon nami tempat paranti khusus ngarias atanapi potong rambut

Juragan
Oh…ari sugan the salon nu kitu, paingan rada kurang kaharti, hampura ada bapa mah teu apal

Juragan Istri
Numawi ge bapa the kirang gaul….janten we kitu tah…




Juragan
Enya enya lah kumah Ibuna we lah lieur uingmah, sok atuh buru – buru ieuteh geus jam sabaraha, panganten sakeudeung deui ge tereh datang can tatamu tuh geus ningguan di luar.

Badega
Juragan. Ieu konci motor sareng konci mobil.

Juragan
Oh enya, ari motorna geus di konci leher?

Badega
Atos Juragan,

Juragan
Ari si Layung kuda nu jangkung kumaha

Badega
Aduh, etamah hilap Juaraagan Si Layung mah ku abdi the teu acan di konci leher.

Juragan
Beu, bodo the beak ku sorangan maneh mah, maenya kuda di konci leher. Maksud teh di tundana di mana.

Badega
Konci leherna juragan ? pan saur Juaragan Kuda mah teu aya koci leheran.

Juragan
Astagfirulloh, kudana di tunda di mana ?!!

Badega
Oh, atos Juragan ku Abdi di simpen di caket garasi.

Juragan
Tah kitu.Lieur uing mah ah boga badega the.

Badega
Pami lieur mah nuang landong atuh juragan, wios ke ku abdi urang nyuhunkeun ka Abah Wiro.

Juragan
Geus lah moal aya anggeusna ngobrol jeung maneh mah, kela ari berekat jeung snack-na geus di siapkeun.
Badega
Atos Juragan.

Juragan
Ari cuci mulutna ?

Badega
Maksadna sikat gigi Juragan ?

Juragan
Beu, wayah kieu tu nyaho cuci mulut - cuci mulut acan. Ari cuci mulut the dahareun panutup saentes dahar. Tah nu kituna geus aya acan ?!
.
Badega
Oh kitu. Kumaha pami cuci mulutna mah ku sangu deui we atuh juragan.

Juragan
Maenya cuci mulut ku kejo, lain ge cuci mulut atuh ari kukejo deui mah. Mistina manehna dahar teu cukup sakali.

Badega
Eta teh abdina nuju teu raos tuang Juragan, makana balikan deui balikan deui susuganan nu ka dua tiluna mah raos.

Juragan
Lah kunmaha maneh we, geus jung balanja heula kapasar tapi ulah lila teuing.

Badega
Balanja sangu Juragan ?

Juaragan
Beu, geus kana sangu deui bae, balanja keur cuci mulut, ah asa ku kacida.

Badega
Oh, mangga Juragan

Juragan
Heug ari mawa motor teh ulah sok kekebutan, pan tiheula ge Ema manehna kalah milu cilaka.

Badega
Ah, tara Juragan

Juragan
Kuring mah sakalieun nempo nu liwat kekebutan teh sok asa kaganggu, mun kuer sare mah da moal asa asa deui rek di baledog.

Badega
Ari Juragan, bade ngabaledog kumaha ari nuju kulem mah atuh Juragan ?

Juragan
Aeh heueuh, poho,

Badega
Ah lieur Kuring mah boga dunungan teh

Juragan
Di Obat atuh ari lieur mah, Atawa menta di bura ka Bah Wiro.

Badega
Ah Juragan mah bet ngadon ngabodor nurutan abdi.

Juragan
Lah nggeus, geuwat geura indit.

Badega
Muhun atuh mangga bade angkat mah, kade di jalana

Juragan
Eh. Saha atuh anu rek balanja teh ? pan silaing anu di titahna oge.

Badega
Aeh muhun lepat, mangga atuh Juragan.

Juragan
Ibuna geuwat atuh, nggeus acan dangdosna meni asa ku kacida ieu mah. Itu tamu geus narungguan !

Juragan Istri
Atos atos! Ke atuh sabar we atuh Bapana.

Juragan
Ehm..na dangdan teh meni kawas ABG bae.

Juragan Istri
Tingali Rancunit nya Ibu ?

Juragan
Ah,rancunit naonana, nu puguh mah rancucut Ibu the, coba eta wedak meni aya dua sentina kandelna oge,

Juragan Istri
Lah da Bapa mah taya mendingna, kitu salah kieu lain.

Hansip
Punten juragan abdi nganganggu sakedap, aya kaperyogian.

Juragan
Aya naon deu maneh ,jeung nanaonan make mamawa awewe ka dieu, sakieu keur rariweuh the.

Hansip
Nyaeta puguh kieu juragan, ieu istri teh nyurigakeun ditingali tingali ti enjing ku abdi pulang anting bae ka dapur, janten ku abdi the di tewak be di candak ka dieu.

Juragan
Beu, jol ieu jol ieu euweuh nu saijieun pisan, atuda ieu mah ….ck, alah ..! bener…bener pikasebeleun ,pikajengkeleun pisan ibuna !

Hansip
Tah kitu juragan tong boro juragan dalah abdi ge sebel jeung jengkel pisan

Juragan
Eh saha anu pikajengkeleun teh,

Hansip
Muhun ieu istri juragan

Juragan
Ehh..maneh nu pikasebeleun teh

Juragan istri
Naip, Naip ! na maneh the aya ku bodo bodo teuing ata mah atuh badega didieu nu sok mantuan di imah, piraku teu apal mah.

Hansip
Oh..tapi juragan…

Juragan
Lah…nggeus, siga nu enya we newak bangsat hayang kapake ku dunungan, ari kamari nu geus puguh bangsat ngadon di antep.

Hansip
Ih..ari juragan saleresna mah bangsat nu kamari the tos kacerek ku abdi

Juragan
Naha atuh lain terus pasrahkeun ka patugas kapulisian

Hansip
Et ge atos juragan ku abdi the di ajakan ka kantor polisi, ngan atuda alimeun .

Juragan
Heueuh! Hade ,hade tah boga pamikiran teh, teru silaing terus kamana?

Hansip
Ka kantor pulisi, maksadn ngalaporkeun yen abdi parantis nyerek bangsat mung teu tiesa kacandak margi bangsatna nolak di ajak ka kantor pulisi.

Juragan
Hade , kembangkeun tah bakat teh jang…

Hansip
Kaeleresan ari abdi mah teu weleh berusaha kanggo tanggel waler

Juragan
Lain tangel waler nu kitu mah, ngan belegug, di mana aya bangsat daek di ajak ka kantor pulisi. Lah nggeus..! pusing !

Hansip
Oh…mangga juragan

Juragan istri
Janten ieu the kantun naoneun atuh bapana ? kela, (aya nu nelepon ) halo…oh sumuhun

Juaragan
Saha ibuna ?

Juragan Istri
Kela maksadna kmaha ? oh…, sumuhun janten ?, eta ayana nu kumaha ?,oh..nya maksadna mah kanggo di annge ayeuna. Pami nu coklat talincang aya ?

Juragan
Ehm…Naon deui atuh cenah.

Juragan Istri
Sssstt, ti toko sapatu,( bari ngalieuk ka Juragan ). Tah muhun !, sapertos nu kieu yeuh aya ? ieu nu kieu geuning tah tah…( kituna the bari ngacung ngacung sapatu anu keur di pakena )

Juragan
Euh…. ari ibuna bet ngadon nembongkeun sapatu kana hand phone, atuh moal ge katiangalieun Bu…

1 komentar:

  1. Casino City, Reno's Premier Slots and Blackjack with Real
    news for your local casino operator's 창원 출장샵 gaming 의왕 출장마사지 and entertainment 영주 출장마사지 needs. Welcome to our 공주 출장마사지 site to discover more. Discover our casino 정읍 출장샵 and entertainment

    BalasHapus