Kamis, 16 Desember 2010

Es Lilin

Es Lilin

Es lilin mah di dorong-dorong
Di bantun mah di bantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok abdi isah aduh teu ngajadi

Es Lilin mah ceu-ceu buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok abdi isah aduh teu ngajadi

Itu saha dunungan nu nuntun munding
Di gantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan nu ginding teuing
Sihoreng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceu-ceu dikalapaan
Raosna mah geuningan ka bina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieunmah di batun kamana-mana

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kaler mah ka kaler ka kojo urang
Kamana mah dunungan ngaitkeun kikir
Ulah paleh duh tong sabulan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar